Neda agung pangaksama
Hakeki ka Maha Suci
Lahirna ka balarea
Mugi heunteu lepat tampi
Sanes ati kumaki
Reh agul ku payung butut
Mapay laratan turunan
Ieu Mah ibarat misil
Ibaratna budak anu mapay Bapa
Cianjur Nagri kawentar
Dina jaman pra bopati
Tangtu ngandung titimangsa
Sajarah pon kitu deui
Ngandung warsih mimiti
Saha anu ngadeg papayung
Catetan mere jawaban
Sajarah geus mere bukti
Kabudayaan kasenian anu geus nyata
Cikundul Cijagang jadi bukti
Patilasan bupati baheula
Nelah Aria Wira Tanu
Cakal bakal Cianjur
Sinareng payebar agami
Meraskeun kanjeng rama
Nu punjul linuhung
Aria Wangsa Goparana
Nu ngadegkeun Sagalaherang nagari
Ulama Islam munggaran
Dalem dipundut ku NU Asih
Digentos ku ingkang putra
Wiramanggala namina
Cikundul teras dikantun
Ka Cikalong midamel ngalih
Mung didinya teu lawas
Ngalih gura giru
Ngababakan padaleman
Nyumponan wangsit ngadamel nagari
Katelah Pamoyanan
Undur taun bagentosan warsih
Pamoyanan sepi kantun ngaran
Dina waktos Dalem Dicondre
Pikeun cirri papayung
Nya panguyangan badak putih
Jadi tengah nagara
Bukti alun alun
Cuanjur murbawisesa
Subur makmur gemah ripah loh jinawi
Nyebar ka janapria
Perbedaan waktos (taun kajantenan) Dina ngabuka sajarah Cianjur aya sababaraha pendapat nu teu sami :
Rd Jayasasana (Aria wiratanu I) teu ngalaman masa Mataram; kumargi dina eta carita disebat yen; sabada Aria wiratanu I pupus; putra anjeuna aya selisih paham dina ngenaan mayunan Mataram; Rd Aria Cikalong gaduh pendapat Mataram kedah dilawan; nanging; Rd Aria Kidul teu sapendapat kumargi sanes sieun ku mataram nanging kahatos ka rahayat bilih seueur korban; akhirna sabada badami Rd Aria Kidul mangkat ka Mataram nu nandakeun yen Cianjur di bawah Mataram.
Dina masa Jayasasana; ngalaman jaman Mataram nanging Cianjur teu lebet kana pengaruh Mataram kumargi nuju harita di cianjur teu acan aya pemerintahan nu ageung; nanging mung dugi ka kelompok masyarakat tertentu didieu maksadna kelompok Rd Jayasasana (Aria Wiratanu) nu dicandak ti Sagalaherang; janten cianjur mangrupi hiji daerah nu bebas ti pangaruh mataram; Banten; Belanda.
Taun-taun kajantenan dina mangsa Jayasasana teu patos jelas; nanging aya sababaraha kajadian nu janten patokan nyaeta nuju mataram rek ngarugrug Batavia (1628); perang Banten (Sultan Ageng Tirtayasa 1680-an).
Rd Jayasasana (Wiratanu I) Putra cikal Aria Wangsa Goparana jenenganana Rd Jayasasana; ti anom na keneh anjeuna damelna mung ngulik agama sareng tatapa. Patilasan tapana dugi ayeuna aya keneh; di antawisna di pasir Sagalaherang sareng guha Citarum.
Numutkeun carios (wallahu’alam); sareng kapercayaan nu aya keneh khususna di kalangan rundayan seuweu seuwi Wira Tanu (Datar) waktos anjeuna tapa kasumpingan jin Islam mangrupi istri geulis kawanti-wanti. Ieu jin kantos ditikah kalayan kagungan putra 3 nyaeta :
- Aria Suryakencana
- Indang Sukaesih
Andaka Wirusajagat Nuju aralit keneh ieu palaputra sok dieyong diayun dina sinjang ngarah enggal kulem. Hiji mangsa nuju dieyong leungit; sanggem carios dicandak ibuna Aria Suryakencana dicandak ka Gunung Gede; Indang Sukaesih ka Gunung Ciremai; Andaka Wirusajagat di Gunung Kumbang. Dugi ayeuna wartosna turunan cikundul aya pantrangan teu kenging diayun dina sinjang. Sareng upami aya kagungan hajat pepestaan ria (ulang taun kota Cianjur) sok nganggo iring-iringan disayagian kuda kosong lengkep panganggo sela sareng dipayunan sakumaha biasana kanggo dalem. Kuda sok ngoprot kesangan leumpangna kawas nu ripuh pisan; numutkeun carios eta kasumpingan Suryakencana.
Saparantos janten Dalem Raden Jayasasan the ngango gelar Aria Wira Tanu heunteu nganggo Datar upami nu nganggo Datar mah Wiratanu IV.Kinten-kinten taun 1635; Rd Jayasasana ngalih ti Sagalaherang milari padumukan anyar leresan Cikundul; salah sahiji walungan di kacamatan Cikalong kulon kiwari. Cacah heunteu ngempel di hiji tempat nanging mencar; umumna mah caket wahangan cibalagung; cirata; jst. Sementawis eta Rd Jayasasana nyusur walungan Citarum dugi ka gunung wayang nepangan Rden Haji Abdul Syukur jujuluk kanjeng sunan Pager Batang; putu Pangeran Girilaya..
Ditulis ku Gunawan Yusuf Sumber : UrangSunda.net