WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 878 Kali Share
RADEN ARIA ADIPATI SURIANATAKUSUMAH

(WIRA TANU DATAR VII)

(RADEN ABAS)

REGENT 1837-1871

(BUPATI LIMBANGAN, SALAJENGNA BUPATI GARUT)

Anjeuna nganggo gelar Adipati Kusumah Dinata (Dalem Alit; 1833-1834); Raden Abasa ngangsrod deui janten bupati Limbangan. Teu lami puseur kota Limbangan narikolot; karamean ngised ka Garut; hiji afdeling enggal. Garut janten puseur kota; bupatinya oge ngalih ka Garut. Nami kabupatian digentos janten Garut tug nepi ayeuna. Gelar nu dianggo ku Raden Abas Adipati Suria Nata Kusumah; heunteu nganggo gelar Wira Tanu Datar.

 

RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR VIII

(RADEN JENON)

REGENT 1872-1916 (BUPATI GARUT)

Putra cikal Aria Adipati suria Nata Kusumah; putra Adipati Wira Tanu Datar VI; nu janten bupati Garut nanging heunteu nganggo gelar Wira Tanu Datar; jenenganana Raden Jenon. Nalika Aria Adipati Wira Tanu Datar VII pupus; putra pameget; jenengan Raden Abas; kalungguhan wadana heunteu tiasa ngagentos rama jeneng bupati Garut. Warosna kumargi anjeuna kantos ngabedil badak nu harita parantos dilarang ku pamarentah teu kenging diboro sumawona dipaehan; Raden Barnas dicabut hakna janten bupati Garut. Wira Tanu Datar VIII gaduh putra 22; nanging teu aya nu janten bupati Garut; kalungguhan bupati garut digentos ku Adipati Suaria Karta Legawa. Wira Tanu Datar VIII pupus taun 1916 di pengkeren masjid Agung Garut; sami sareng ramana.


Runtuyan Bupati Cianjur :

  1. 1640-1686 Aria Wira Tanu I/Jayasasana (Dalem mandiri; teu diangkat ku nu sanes)
  2. 1686-1707 Wira Tanu II (diangkat regent ku Walanda/VOC)
  3. 1707-1726 Wira Tanu III diangkat ku VOC
  4. 1727-1761 Adipati Wira Tanu Datar IV
  5. 1761-1776 Adipati Wira Tanu Datar V
  6. 1776-1813 Adipati Wira Tanu Datar VI
  7. 1813-1833 R Adipati Prawiradiredja; putra nyai R Tanjungnagara rai Wira Tanu VI
  8. 1833-1834 R Tumenggung Wiranagara
  9. 1834-1862 Aria Adipati Kusumahningrat
  10. 1862-1910 Adipati Sentot Alibasah
  11. 1910-1912 Demang Nata Kusumah
  12. 1912-1920 RAA Wiranatakusumah
  13. 1920-1932 RA Suriadiningrat
  14. 1932-1934 R Sunarya
  15. 1934-1943 R Suarianataatmaja
  16. 1943-1945 R Adiwikarta
  17. 1945-1945 R Yasin Partadiredja (jaman republik)
  18. 1945-1946 R Iyok Mohammad Siroj
  19. 1946-1948 R Abas Wilagasomantri
  20. 1948-1950 R Ateng Sanusi Natawijogya
  21. 1950-1952 R Ahmad suriadikusumah
  22. 1952-1956 R Ahmad Pena
  23. 1956-1957 R Holan Sukmadinigrat
  24. 1957-1959 R Muryani Nataatmaja
  25. 1959-1966 R Apung Purawijaya
  26. 1966-1966 Letkol Rahmat
  27. 1969-1969 Letkol Sarmada
  28. 1969-1970 R Gadjali Gandawidura
  29. 1970-1978 Drs H Ahmad Endang1978 -1980 Ir Adjat Sudrajat Sudimiharja

Ditulis ku Gunawan Yusuf

sumber : UrangSunda.Net

© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-10-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 20 May 2012 10:44:30