WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 19, 2007, Dibaca : 701 Kali Share

Rd Aria Wira Tanu I

Aleutan cacah anu ngiring sareng Wira Tanu I the sanos padumukanana mencar oge tetep ngarupikeun hiji golongan (gemeenschap/walanda;kesatuan/Indonesia). Nganggo basa ilmiah mah cacah; nu ngiring ka Wira Tanu I the kasebat hiji volksgemeenschap (kesatuan masyarakat). Saban kesatuan ngagaduhan kepala; hubungan kepala sareng kesatuan dumasar kana kapamingpinan. Kesatuan Wira Tanu I disebat cacah Wira Tanu bae sakumaha nu kasebat ku Puspawangsa waktos ngayakeun cacah jiwa. Lami-lami dina kesatuan the lahir tata cara hirup kumbuh anu wajib dataati ku unggal cacah Wira Tanu sarta janten sifat mandiri.

Kawajiban alamiah unggal kepala kesatuan the nyaeta ngadu jajaten dina aya bancang pakewuh; sapertos upami aya nu ngarugurug ngadon ngaboyong rahayat; anatanapi aya maling rampog nu ngaganggu Diana katentreman masyarakat. Kumargi kitu kepala kesatuan langkung cocog upami disebat panglima atanapi senapati. Daerah bawahanana disebat kasenapatian. Wira Tanu I ngawitan mah teu benten ti hiji senapati sanes Dalem sapertos Dalem Sumedang; Bandung jsb. Istilah Dalem ngandung hartos ayana pamarentahan jero nagara; sedengkeun kepala kesatuan Wira Tanu I masih aya Diana tahap kasenapatian.

Pamukimam nu anyar dicicingan ku sababaraha cacah disebat babakan pibakaleun lembur. Lembur mekar janten kampung; kampung janten nagri. Kumpulan nagri janten padaleman; kapalana nyaeta Dalem. Kapala nagara namina raja; sultan atanapi gelar sjb.

Cacah Wira Tanu I maratuhna di sabaraha nagri. Wilayah nagrina janten hak milik sarta bawahan Wira Tanu I. Harita nu jadi ibu nagri nyateta Cikundul.

Taun 1645 Rd Senapati Kiayi Aria Wira Tanu ngalakukeun panalungtikan di tilas wilayah Padjajaran Tengah; sareng Padjajaran Girang dugi ka Cisadane nu ngajorok ka walungan Ciberang di Sajira; kabupaten Lebak (Banten) ayeuna. Anjeuna wangsul ngalangkungan Ubrug; walungan citatih; istirahat samentawis di sisi walungan Ciheuleuy sirah cicatih di daerah Parung-Kuda; Pangadengan ayeuna lajeng anjeuna naek gunung sedah kencana (ayeuna gunung gede) di suku gunung beh kaler dugi ka padepokan (pasantren) Kanjeng Aria Wangsa Merta di tarekolot; Cikarta Nagara (ayeuna cinangsi).

Dina hiji mangsa sababaraha adipati ti kawasan Padjajaran tengah; girang; nu ngacakup Cianjur; Sukabumi ayeuna ngumpul di puncak gunung nu biasa dianggo tempat musyawarah ku para raja (adipati). Ti mangsa Pakuan Padjajaran sering diganggu musuh ti luar; tempat eta disebat Gunung Rompag dan disebat kitu kumargi senjata prajurit Padjajaran tos rompag (bergerigi) akibat dianggo perang 50 taun. Tempat eta aya nu nyebat “Karamat Pasamoan”; lajeng nu hadir nyaeta :

  1. Syeh Dalem Haji Sepuh Sang Prabu Jampang Manggung nu asalna ti nagri Singacala bawahan Galuh; nu di tanah Pajampangan dikenal sareng nami Syeikh Haji Mulya; Syeihh Haji Soleh; sareng Syech Aulia Mantili.

  2. Kanjeng Aria Wira Tanu Cikundul; atanapui Pangeran Jaya Lalana; julukan Raden Ngabehi Jaya Sasana; sareng Pangeran Panji nata Kusumah.

  3. Raden Sanghyang Panaitan; Rd Widaya jujuluk Pangerang Rangga Sinom di Sedang; Kanjeng Adipati Sukawayana.

  4. RadenAdipati Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag

  5. Kanjeng Kiayi Aria Wangsa Merta ti Tarekolot; Cikarta Nagara

  6. Kanjeng Dalem Nala Merta ti Cipamingkis

  7. Pangeran Hyang Jaya Loka ti Cidamar

  8. Pangeran Hyang jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi

  9. Pangeran Hyang Krutu Wana ti Parakan Tiga

  10. Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang

Lajeng maksad ngumpul eta kanggo ngabahas kahoyong para Adipati ngajalin kerjasami langkung erat; terutami nangkal ancaman ti luar. Kumargi kitu dibutuhkeun pamingpin nu tangguh; nu nyepeng tangkai nu disebat Raja Gagang (Raja Nyepeng Tangkai). Usul ti Prabu Jampang Manggung disatujuan ku sadaya nu hadir; pilihan ka Kanjeng Dalem Aria Wira Tanu; Dalem Cikundul.

Hal ieu memang tos diperhetangkeun sateuacana; sabada shalat Jum’ah nu waktos harita sami sareng bulan purnama Rabiul Awwal 1076 H; atanapi 2 Sepetember 1655; medal nagri Cianjur; manrupi nagri berdaulat; merdika; berdaulat teu tunduk ka kumpeni; mataram; Banten; tunduk nanging ka Allah SWT. Nagri ieu dipimpin ku Aria Wira Tanu; Dalem cikundul Raja Gagang. Tina buku “DE PRIANGAN” jilid 2 kaca 130 karya Dr F de Haan sareng ti “Daghregister Walanda kaping 14 januari 1666 ayana catetan ti laporan perjalan Sersan Scipio nu nyatekeun yen ditampi serat ti “Raja Gagang” nu nyatakeun Raja ti Pagunungan (connick in het gebergte) teu dijajah ku mataram; banten; cirebon; kumpeni ngan langsung tunduk ka Allah SWT.

Taun 1677 nalika Dalem Cikundul janten Raja Gagang; Raja Sunda di Pagunungan orientasi ka perbatasan Banten sareng tilas Padjaran Girang; Padjajaran Tengah.

Taun 1684 sawios Sembah Dalem Cikundul ngemban tugas Raja Gagang kaayaan kaaamanan ti jero nagri khususna di wilayah Cianjur terkendali sareng sae; sementawis putera Dalem Cikundul nu aya di Sagalaherang tos ngisat diri (aqil baligh) sareng anjeuna ngayakeun persiapan sareng latihan di bawah pengawasan Rd Aria Yuda Menggala rai dalem Cikundul. Rd Wira Menggala harita aya di pasantren tare kolot diistrenan ku ramana jante pawaris Dalem Cianjur jujuluk Kanjeng Aria Wira Tanu II (dalem tare kolot). Sementawis dalem Cikundul janten pamingpin di Pasantren Cikundul.

Ditulis ku Gunawan Yusuf

sumber : UrangSunda.net

© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-2-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 09 February 2012 04:49:35