WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 1222 Kali Share
Sumber panulisan ieu tina :

* SAJARAH CIANJUR SARENG RD ARIA WIRA TANU; Drs Bayu Surianingrat; 1982
* SEJARAH KANJENG DALEM CIKUNDUL; Yayasan Wargi Cikundul; 1995
* Kasepuhan Sagalaherang
* Kasepuhan Cikundul; Cianjur

Rd Aria Wira Tanu I (lajengan)

Peperangan

Dina mangsa Aria Wira Tanu I Cianjur kantos ngalaman perang; dina sasih desember 1679 wadya balad Banten ngalangkung ka Maroberes (muara beres kaler Bogor sisi cisadane) total jalmina 800 urang dipingpin ku 3 hulubalang rek ngajugug ka Sumedang. Sasih januari 1680 wadya balad cianjur dipingpin ku Santaprana megat wadyabalad Banten; der perang compuh rongkah pisan. Santaparana jeung 1 lurah dipaehan ku urang Banten jeung rahayat umum di pagunungan heuteu kaitung; urang Banten leugiteun 47 urang.

Lian ti eta ngarampas 103 munding jeung sapi kajantenan ieu dina sasih Februari 1680. Lajeng Wira Tanu I mepek wadya balad; ayeuna wadyabalad Cianjur ditambih jeung Cikundul. Dina raraga ngayakeun panarajang balesan ; Wira Tanu I the bade ngarebut deui cacah nu diboyong ku Banten. Dina ieu serang katingal pisan jiwa patriotsme sareng taktik bertempur Wira Tanu I senapati ing ngalaga.
Ku Senapati Wira Tanu I timbang taliti sareng asak pisan ngeunaan untung rugina; lajeng anheuna nganggo taktik meupeh-mabur hal ieu dianggo kumargi jumlah wadya balad Cianjur langkung alit tinimbang Banten; wadya balad Cianjur aya 400 urang; kitu oge upami dimobilisasi sadaya (katut awewe; orok; jeung nini-nini); jumlah nu jauh benten pisan. Lajeng maranehna nu ti Nagri Cianjur jeung Cikundul dipingpin langsung ku Wira Tanu I ngalawan urang Banten; sarta sanggeus urang Banten leungiten dua urang hulubalangna kapaksa urang Banten ieu kabur nyokot jalan mimiti ngaliwatan Tanjoulang (Cijulang) balik deui ka Banten sabab sieun diudag ku Wira Tanu I. Dina buktos ieu tetela sakumaha wawanen Wira Tanu I nu geus wani ngarebut deui boyongan sareng ghonimah ti pihak musuh; kalawan musuh mabur.


Didieu sim abdi bingung kunaon sami Sunda jeung Islam tiasa paketrok ?; hal ieu ngingetkeun kana kajadian runtagna Padjajaran ku Banten. Kantos janten bahan perdebatan di milis ieu ngenaan runtagna Padjajaran ku Banten; sim abdi kantos nanggapi mung 1 kali kumargi harita ego pribadi tos muncul; sanes ngagunakeun akal sehat janten teu aya guna upami neraskeun diskusi. Aya anggota milist nu satuju aya oge anu heunteu dupi alesannana :

Anu Satuju; kumargi ieu dina nanjerkeun Islam (jihad); kumargi Padjajaran the najan dulur nanging agamana masih Hindu.

Anu Teu Satuju; kumargi najan kumaha Padjajaran the masih luluhur urang Sunda kaasup Banten jeung Cirebon.

Aya prakiraan kunaon Banten ngaruntagkeun Padjajaran :

Kanggo nyebarkeun agama Islam di Pasundan

Raja Padjajaran keur mangsa harita geus teu bener dina ngajalankeun kakuasaanana saperti mabok; maen awewe; judi; nindes rahayat.

Motivasi pulitik ti Banten; kumargi Padjajaran najan geus ditinggal lila ku Maharaja Ing Pasundan Sri Baduga Prabu Siliwangi; sareng seueur daerah nu dicaplok ku Cirebon atanapi Banten; tetep hiji karajaan nu kuat di Pasundan tangtuna ieu nu nyieun sieun pihak Banten.

Ayana pihak gegeden (pejabat) Padjajaran nu nyeri hate ka Raja.

Upami maca sajarah Sumedang; nalika Padjajaran bade runtuh; Kandaga Lante ti Padjajaran (senapati ?); ngintun mahkota Binokasih ka Prabu Geusan Ulum hal ieu nandakeun yen Sumedang the penerus Padjajaran. Padahal Sumedang keur mangsa harita geus Islam; kitu deui Kandage Lante (Jaya Prakosa) Padjajaran. Ningali ieu buktos; tiasa janten di lingkungan rahayat tur karaton Padjajaran tos seeur nu ngagem Islam.

Punten sim abdi kaluar jalur bade nerangkeun perkawis runtagna Padjajaran; sim abdi langkung condong runtagna Padjajaran the ku point no 4 di luhur kumargi dumasar kana versi sajarah nu dicutat dina babad Banten kieu :

“Mangsa aya gulang-galang Padjajaran anu ngarasa nyeri hate; teras biluk ka Banten; wastana Ki Jungju sareng adina Ki Jongjo. Ki Jungju ngadeheus ka Sultan Banten nerangkeun sanggem narajang dayeuh Padjajaran asal dibahanan ku ratusan prajurit nu tumpak kuda sareng manehna hulubalangna. Wanci tengah wengi Ki Jungju sareng prajurit lebet ka jero benteng kumargi anjeuna urang jero tos apal kana kaayaan eta tempat; perang rongkah pisan; urang Padjajaran bobor karahayuan.

“Sampuning palastra nanging warnaen ika; ratu oakuan ini apan sami sayaga; lan para ponggawa; yen ana musuh prapti geger wong pakuan tan karuhan idepnya polahe wus borak barik. Adan kocapa mangke wus tengah wengi iyata ki jungju adan manjing jeroning kuta wayahe tengah wengi; geger wong jero kuta; tan koningan lebatnya ki jungju kuwat ngamuki sarewangina wong ngatusan ngoeni. Ramening prang gusraken tunjang tinunjang angrebut anak rabi ingkang gasik ngalas kang katut tan pejah. Kocapa ratu nita neki Sang Seda lan Pucuk Umum malih.

Prabu Seda anglengleng lan kakleng ika sami musna tan kikas yen ujaro ika ingaran ngahyang ilang wa kakawarni. Kocapa bala ing sakatahe kang kari lan kinen amandang kalimah kalih sahadat saweneh karsa pribadi mangke kaswna panembahan nireki. Panembahan lungguh ing pakuan”

Hartosna kieu :

Saparantos sayaga rupi rupi ratu pakuan oge sami sayaga sareng para ponggawa yen aya musuh tarapti gegger urang pakuan teu kantenan pikiranan polahna geus kaweur lajeng kakocapkeun engke parantos tengah wengi nyaeta ki jungju teras lebet ka jero kuta wayahna tengah wengi gehger jalmi jero kuta; ki jungu ngamuk. Ramena perang tanding silih sedek ngarebut anak pamajikan. Enggal ka leweung di bawa pisah.

Kocapkeun raja sareng prameswari Prabu Sada sareng Pucuk Umum deuih. Prabu Seda kalintang ewedna; nya kitu deui nu kadeuheus ka anjeuna. Nanging teu lami aranjeuna sami musna tanpa aya tilasna bejana kasebut ngahiang leungit teu katingali. Kocapkeun balarea anu kantun ngucapkeun dua kalimah sahadat kalayan kahayang pribadi sanes pamaksa penembahan. Panembahan lami calik di Pakuan.

Sumedang kantos oge diserang ku Banten nalika ngajalankeun shalat Idul Fitri dina dinten Jum’ah; kumargi kitu dugi ayeuna di Sumedang aya Sasakala upami aya lebaran dina dinten jum’ah sok aya upacara tertentu.

Mung aya heran nyaeta Pakuan the tos diruntagkeun ku Banten nanging Pakuan (Bogor) teu lebet kana kasultanan Banten hal ieu dibuktoskeun yen 100 taun langkung sabada Padjajaran runtag Pakuan janten leuweung teu aya pendudukna dumasar laporan ti salah saurang Walanda nu nalungtik Padjajaran taun 1600-an. Kadua di Bogor teu aya paninggalan ti kasultanan Banten. Jakarta tilas bagean kasultanan Banten rea pisan titingalna boh masjid atanapi makam; sapertos di Jatinegara Kaum; Tb Angke; Mangga dua; jrrd. Panginten Bogor teu lebet kasultanan banten kanggo kahormatan ti Sultan Banten ka karuhun nu di Pakuan.

Bogor nembe dibuka deui nalika turunan sumedang nyaeta Ngabehi Tanu Wijaya anu pernahna di Kampung Baru kitu oge turunan Cikundul ngiring ngabuka Bogor (Sukaraja). Janten urang Bogor nu ayeuna aya nempatan eta wilayah panginten sanes asli ? (panginten)

Balik deui kana sajarah Cianjur di luhur disebat yen Wira Tanu I katingal pisan gede wawanen tur ahli perang. Saparantos ieu kajantenan cianjur aman teu aya gangguan naon-naon ti musuh sareng Wira Tanu I mulih ka Cianjur ngabimbing pasantren tur janten kasepuhan dugi ka tilar dunyana; sementawis pamarentahan dipasrahkeun ka putrana nyaeta Wiramenggala nu gaduh gelar Wira Tanu II.

* Rd Wira Tanu I pupus antawis taun 1681-1691; anapon anjeuna gaduh putra nyaeta :
* Rd Suryakecana di gunung gede (ti bangsa jin)
* Rd Endang Sukaesih di gunung ciremai (ti bangsa jin)
* Rd Andaka Wirusajagat di gunung kumbang (ti bangsa jin)
* Rd Aria Wiramanggala (Wiratanu II); dalem Tarekolot di pamoyanan
* Rd Aria Martayuda di sarampad
* Rd Aria Tirta di Karawang
* Rd Aria Natadimenggala (Aria Kidul) di Pasir hayam
* Rd Wiradimenggala (Aria Cikondang) di Cibeber
* Rd Aria Suradiwangsa di Panembong
* Nyi Mas Kaluntar di dukuh caringin
* Nyi Mas Karangan di bayabang
* Nyi Mas Bogem teu aya nu terang
* Nyi Mas Kara teu aya nu terang
* Nyi Mas Jenggot teu aya nu terang

Ditulis ku Gunawan Yusuf
sumber : UrangSunda.Net
© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-3-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 09 February 2012 04:50:11