Dalem Aria Wiratanu II Tipayun parantos disebat yen putra Wira Tanu I the ngaralihna ti Sagalaherang ka Cibalagung disarengan ku Yudanegara (rai Wiratanu I); teras dumuk di pasir Wira Tanu. Dalem Wira Tanu II janten Dalem the na sarengsena Mataram. Taun 1685 Wira Tanu II janten Umbul di Cilaku; cepenganna ngawengku :
- Nambo kapalana Karti Jaya
- Bojongdua - Ki Ngabehi Astra Dipa
- Jura Kaso Angga Nastra
- Cihea Narayuda
- Sokan Wangsa Naya
Unggal padumukan the dikapalaan ku Umbul atanapi cutak; kalayan sok nganggo gelar Ngabehi malih aya oge ku Aria. Dina taun 1688 Wira Tanu II ngalih ka kaleren cibalagung milari tanah nu rata teu tebih ti tilas pangguyangan badak putih. Dina taun 1691 Pamoyanan janten dayeuh nagri Cianjur; anjeuna janten bupati (regent) kahiji nu disahkeun ku walanda. Pamoyanan the tilas dayeuh nu diruksak ku Banten.
Di nagri cianjur aya sababaraha kampung diantawisna Pamoyanan; Cianjur. Kampung sareng kampung the pernahna pacaket sapertos kampung pamoyanan sareng cianjur mung dipisahkeun ku leuweung sareng wahangan cianjur. Numutkeun laporan taun 1700 tetela yen Cianjur the ngaraupikeun kabupaten Mandiri; salajengna aya serat ti wira Tanu II ka Gubernur Jendral nu eusina supados diayakeun wates Cianjur jeung Ciablagung; supados cianjur kulon dugi ka citarum; ka kidulna ka jampang; nanging ieu uslan the ditolak. Cacah cianjur dina taun 1780 nyaeta cikalong aya 60; majalaya 65; Cibalagung 69; cianjur 360 umpi.. Dina mangsa kabupatianna aya sababaraha kajantenan nu aheng; nu mana cianjur kaciwit kabawa kulit; diantawisna :
Kontrak Cirebon - VOC (januari 1681). Kadorong ku haying mandiri Cirebon ti taun 1678 keneh parantos katingal rada dengdek ti batan Banten; waktos harita Cirebon aya Diana pangaruh mataram atuh Banten satekah polah narik Cirebon ti Mataram
Kontrak antawis Banten-VOC (17 april 1684). Dina sasih Feb 1683 Sultan Haji Abdul Kohar paketrok jeung sepuhna nyatea Sultan Abdul Fattah (Sultan Ageng Tirtayasa)
Barontak Haji Prawata Sari (1703-1706). Tina akibat tanam paksa tarum di Jampang aya aya baraontak ka VOC anejuna gaduh balad 3000 jalmi nu ngarepotkeun Si Kebo Bule (walanda).
Mansa Paceklik
Kontrak Mataram - VOC (5 okt 1705)
Ditulis ku Gunawan Yusuf sumber : UrangSunda.Net