WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 623 Kali Share
Barontakna Haji Prawata Sari (1703-1706)

PAHLAWAN SUNDA NU DIPOHOKEUN…….!!!

Tiasa janten ku ayana tanam paksa tarum atanapi teu kiat ningal kasangsaran rahayat ku rupi-rupi pakasan sareng siksaan atanapi lantaran unsur pulitik; di Jampang aya nu barontak ka Walanda dipingpin ku Haji Prawata Sari; nu alitna disebat Raden Alit. Anjeuna the turunan ti Prabu JampangManggung alias Borosngora nu asalna ti Panjalu.

Barontakna ngawitan sasih maret 1703; teu kinten rongkahna. Haji Prawatasari tiasa ngempelkeun balad dugi ka 3000 jalmi; VOC kalang kabut. Sakali mangsa aya wartos yen Haji Prawati Sari pupus. Pieter Scorpoi lulugu pasukan VOV teras bae ngagiringkeun sadaya warga jampang seueuerna 1354 urang dikerid peuti ka Batavia ngalangkung cianjur. Maksad VOC kanggo ngancurkeun kakiatan H Prawata Sari. Urang Jampang nu ngaleut the seuuena maot di tengah jalan; eta bae nu nyisa the mung 582 urang. Teras dibantun ka bayabang. Kanyataan nana H Prawata Sari heunteu tiwas malih ngempelkeun wadya balad seuuer pisan; teras ngarurugrug kabupaten priangan wetan. Dina taun 1705 H Prawata Sari muncul di Jampang deui teras ngaraman sakuriling Batavia; sasih januari caket Bogor.

Kulantaran Prawatasari teu bias ditewak; aya 3 kapala rahayat nu ditewak di Kampung baru Bogor laju dipaehan. Dina Sasih maret Prawatsari nagcau Sumedang kaler sasih agustus 1705 mani tilu kali Prawwatasari ngelehkeun Walanda (hebat euy…) nu nyobi ngudag. Lajeng hukuman berat ditibankeun ka saha bae nu disangka ngabantu Prawata Sari; tapi lain liren malih nambihhan bae pengikutna. Lajeng Walanda ngaluarkeun kaptususan yen bupati ti Tatar Sunda kudu bias newak Prawatasri dina waktu 6 bulan Kaleresan dina taun 1706 H Prawatasari ningalkeun Tatar Sunda ka Jawa Tengah. Prawatasari katangkep di Kartasura dina hiji waktos saparantos ditipu ku Kebo Bule (12 Juli 1707). Laju ayeuna makamna ayana di Cilacap di Dayeuh Luhur ku urang dinya disebat tutunan Panjalu; makamna dugi ayeuna sering dijarahan ku urang dinya sarta urang Ciamis.

Ditulis ku Gunawan Yusuf
sumber : UrangSunda.Net
© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-5-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 09 February 2012 04:55:21