WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 610 Kali Share
RADEN ARIA WIRA TANU III

(RADEN ASTRAMANGGALA)

1707-1726

Aria Wira Tanu II digentos ku putra cikal nyaeta Raden Astramenggala; Saparantos janten Regent dina taun1707 nganggo gelar wira Tanu III. Waktos Wira Tanu II pupus; pamoyanan dayeuh nagri the ngarangrangan; narikolot janten combrek tiisen kawon ku kampung cinajur nu wuwuh majeng. Kumargi kitu barang Wira Tanu III janten regent; anjeuna dina taun 1707 keneh teras ngalih ka kampung cianjur. Kampung cianjur didamel dayeuh nagri; ibukota nepi kiwari. Wira Tanu III saleresna teu ngalih nagri mung ngalih bumi tebihna ukur ratusan meter; ngalih nyaketan tilas pangguyanan badak putih.

Kumargi kitu Wira Tanu II; anu padalemanana aya di Pamoyanan disebat dalem TaRikolot nyaeta dalem nu calik di dayeuh nu narikolot.

Numutkeun D3 September 1711 Van Riebeck marentahkeun ka regent cianjur; Cibalagung; sareng Cikalong supados nyaur 2 umbul sewang nu di basisir laut kidul; hal ieu netelakeun yen basisir kidul kalebet bawahan. Salajengna Jampang dina taun 1715 dilebetkeun kana Cianjur. Dina taun 1720 Wira Tanu III ngajengkeun pretensi ka Walanda ngenaan daerah nu aya Diana kakawasaan kabupatian tatangga dugi residen cirebon mah repoteun; margi upami eta pretensi diturut tangtosna bakal ngirangan wilayah kabupatian nu sanes. Residen cirebon lapor ka pamarentah di Batavia kieu :


  1. Rahayat Cianjur ngadamel kaca-kaca di wates dayeuh Cianjur kanggo ngahormat Wira Tanu III; kaca kacana ageung pisan mangrupi benteng sapertos gapura kasultanan jogyakarta. Naha ngadamel kaca-kaca bae dilaporkeun ka Batavia; rupina walanda hariwang boh bilih aya nu ngabahayakeun midamel kaca-kaca. Kaca-kaca the nembongkeun kajayaan; wibawa komara Wira Tanu III di Cianjur.

  2. Wira Tanu III nyuhunkeun Walanda supados anjeuna dipasihan gelar “pangerang Aria Dipatty Amangcoerat Indator (Pangeran Aria Dipati Amangkurat Di Datar); harotsna Wira Tanu III minagka Amangkurat aatanapi nyamikeun anjeun sareng amangkurat (I); the sultan karajaan mataram. Walanda hariwang kumargi Wira Tanu III teu liren-liren ngagengan wilayahna ; kumargi kitu anu dikabulkeun the mung gelar Datar-na bae; kitu oge elat nu nganggo gelar Datar the Wira Tanu Datar IV (putrana).

  3. Wira Tanu III mundut ka Walanda supados Citarum janten wates wilayah Cianjur ku jalan ieu anjeuna tiasa ngengingkeun satengah wilayah Bandung sareng Karawang ditambih saparapatna Parakanmuncang.


Wira Tanu III keukeuh nyuhunkeun ka walanda sangkan wates cianjur; pangpangna wates Cianjur jeung kampung Baru (Bogor); Karawang; Bandung; Parakan Muncang. Perlu kauningan yen wates nu disuhunkeun; Diana kaayaan harita ngagengan wilayah cianjur tapi ngalitan kabupaten tatanggi. Dina taun 1724 sabagian kampung baru (Bogor) sareng sagara kidul diputuskeun lebet Cianjur.

Wira Tanu II kawentar tiasa ngurus kebon kopi; setoran kopi ka VOC tiasa disebat pangseuuerna; atuh anjeuna kenginh kauntungan ageung. Dina taun 1726 aya hiji rahayat nu newek Wira Tanu II ku Condre palebah patuangannana. Dalem rubuh tiwas harita keneh dugi titis dipundut ku nu kawasa. Kumargi pupusna Wira Tanu III ditelasan nganggo condre anjeuna sok disebat “Dalem Dicondre”; aanjeuna dipendem di Pamoyanan caket makam ramana. Janten bupatina yuswa 21 taun; pupusna 40 taun. Wira Tanu III ngantunkeun putra seuuerna 7; digentros ku putra cikal namina Sabirudin


Ditulis ku Gunawan Yusuf

sumber : UrangSunda.Net

© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-6-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 09 February 2012 04:56:38