Aya 2 pamendak ngenaan ditelasana Wira Tanu III Dina mangsa ramena melak kopi; mangsa serah kopi ka walanda; bayaran kopi nu sakedahna 1:17.50 ku Wira Tanu III mung dibayar 1:12.50 janten anu 1:5 dianggo ku anjeuna; kumargi kitu rahayat the barontak dugi nelasan Wira Ranu III
Hiji waktos Wira Tanu III ngadangu; yen di Cikembar aya istri geulis kawanti-wanti; eta istri the namina Apun Gentay. Apun Gentay diasur teu lami dongkap; salerena Apun Gentay the tos gaduh papacangan urang Citerep; Bogor. Papacangan Apun Gentay nganter ka Dayeuh; nuju harita Wira Tanu III aya dipaseban Pamengkang. Dinten eta kemis tabuh 4 mung aya ki Mas Purwa; saderek Wira Tanu III.
Wira Tanu III harita nuju calik dina katil; Mas Purwa dipayunenana di handap. Teu lami dongkap piwarangan ti Cikembar; Apun Gentai sareng papacanganana. Piwarangan mah ti payun maksadna wartosna ka Wira Tanu III masksadna wawartos ka Wira Tanu III; lajeng Wira Tanu III sasauran kieu sina ka dieu awewe teh maneh mah jung balik deui. Piwarangan teh teu nerasngkeun yen Apun Gentai the tos gaduh papacangan teras Apun Gentai ka lebet disarengan ku papacanganana.
Wira Tanu III sasauran kieu Ka dieu; Apun Gentai nyaketan kitu oge papacanganana. Wira Tanu III nyangki rek sasalaman atuh anjeuna nyodorekeun panangan tapi teu ningali bae kumargi panona ningali bae ka Apun Gentai; teu antaparah deui papacangan Apun Gentai newek Wira Tanu III palebah patuanganana nu dicondre.
Anjeuna sasauran ka Mas Purwa naha teu katenjo eta jelema nubles ?; salerena ku Mas Purwa katingali ngan anjeuna olohok mata simeuteun. Papacangan Apun Gentai newek dugi 3 kali lajeng lumpat; condre masih keneh dicekel. Mas Purwa ngudag barang kaudag Mas purwa dutubles bari lumpat; keuna halisna nanging teu tatu.
Sababaraha kali Mas Purwa ditubles keukeuh teu nerak da anjeuna weduk. Ahirna papacangan Apun Gentai katewak ku Mas Purwa; pakarangna direbut lajeng ditigas beuheungna dugi ka hulu misah jeung awak. Enggal para wargi diwartosan ku Mas Purwa sadaya sarumping bari nangis.
Wira Tanu III calik nyarande dina kantil anjeuna teu emut; lebetanana kaluar tina patuangan lejeng dicandak ka padaleman. Anjeuna pupus tabuh 7 wengi Nya ti harita Dalem Wira Tanu III disebat Dalem Dicondre.
Para sepuh sasauran kieu Darengekeun barudak; incu; buyut jeung kabeh turunan maraneh poma ulah nikah ka urang cikembar; jeung maraneh salawasna mudu make pakarang condre ti harita nepi ayeuna saur sepuh teh diturut. Geus 6 bupati di Cianjur; ari istri nu janten eta kajadian teu lami katarajang udur cacar teras maot.
Raden Aria Dicondre digentos ku Raden Sabirudin putra cikalna nu ngawitan gelas Adipati (ieu the carios Kanjeng Pancaniti; Raden Kusumaningrat ku anjeun)
Ditulis ku Gunawan Yusuf sumber : UrangSunda.Net