WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 644 Kali Share
RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR IV

(RADEN SABIRUDIN)

REGENT 1727-1761

Wira Tanu III digentos ku putra cikalna namina Raden Sabirudin dina taun 1727. Dalem kakoncara teu kinten takwana ka Allah SWT alim sareng jero dina elmu agama; pangaosan dinten Senen; Kemis di kabupaten tara petot. Putra istri jenengan Nyi Raden Mojanegara nikahna ka Syek Abdullah Rivai (Arab) ti Banten.

Ti Dieu Dalem kagungan putu 3 pameget sareng 2 istri. Putra Dalem Sabirudin nu jenenganana Nyi Bodedar teu kinten kayana; anjeuna wakaf tanah sababaraha ha. Eta wakaf dugi ayeuna aya keneh diurus ku hiji badan. Nyi Bodedar wafat sareng dimakamkeun di Cianjur leresan di juru alun-alun sagedengan tilas panguyanga badak putih. Teu kinten wajarna upami ieu makam disaean; dupi waragadnantina hasil wakaf puluhan ha tanah tea.

Dina R23 Juli 1726 ditetepkeun yen putra cikal Dalem Dicondre jenengan Wiramenggala bakal ngagentos rama; naming diangkatna janten regent dina R 28 januari 1727 kumargi kapameng diantosan kana sabada taun baru. Salajengna disebat Aria Wiramenggala dina R13 januari 1728. Janten numutkeun sajarah the jenengan Wira Tanu Datar dikawitan ti Wira Tanu Datar IV. Kumargi Wira Tanu IV disebat Wira Tanu Datar IV atuh kitu deui ka III dugi ka I.

Dina ieu naskah oge supados heunteu kaliru urang anggo jenengananan Wira Tanu Datar; aya deui nu narik perhatosan nyaeta gelar Adipati sanes Aria.

Ari nu ngalereskeun urusan pamarentahan mah kapiwarangan Wira Nata; kalungguhanana the Patih. Dina waktos harita Wira Nata tehjanten kapala di Jampang; dina waktos harita kaayaan sae pisan. Wira Nata masih tetep di Cianjur sanaos anjeuna janten bupati di Kampung Baru Bogor. Adipati Wira Tanu IV pupus dina taun 1761 dimakamkeun di Pasarean Agung Cianjur. Putra Adipati Wira Tanu IV aya 11 nu cikal jenegananana Raden Muhyidin ngangentos ramana janten bupati Cianjur.


Ditulis ku Gunawan Yusuf

sumber : UrangSunda.Net

© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-8-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 09 February 2012 04:51:05