WWW.CIANJUR-ONLINE.COM :: CIANJUR COMMUNITY OFFICIAL SITE
Daftar forum members berupa artikel atau pesan pendek berikut isi komentarnya.
KATAGORI
DETAIL FORUM
Apr 27, 2007, Dibaca : 801 Kali Share
RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR V

(RADEN MUHYIDIN)

REGENT 1761-1776

Wira Tanu Datar IV pupus dina taun 1761; anjeunna digentos ku putra cikalna jenengana Raden Muhyidin. Saparantos janten regent anjeuna nganggo gelar Adipati Wira Tanu Datar V.

Kalalengan Wira Tanu Datar V the sagala rupi seni budaya; sapertos pencak silat; nu dugi ka ayeuna aya keneh sarta teras mekar. Kabeh dieunakeun jago penca nu kawentar diantawisna Raden Ateng Alimudin; Bang Ma’rup; Bang Madi sareng Bang Kari. Aya jago silat turunan cikundul jenenganana Raden Haji Ibrohim alias Raden Jayaperbata; putra rajadiredja; putra aria wiranegara (Aria Cikalong); Putra Wira Tanu Datar VI. Makam Raden Haji Ibrohim pernahna di Cikundul; kelereun makam Cikundul.

Wira Tanu Datar V puputra 17 anu penting patalina nyaeta : 1. Raden Noh nu janten Wira tanu Datar VI; 2. Nyi Raden Tanjung Nagara. Nyi Raden Tanjung nagara puputra 4 nyaeta : 1. Adipati Prawiradiredja I; nu engkena janten patih teras janten Bupati Cianjur ngagentos Wira Tanu Datar VI; 2. Nyi Raden Haji Suhaemi; 3. Nyi Raden Mamah; 4. Nyi Raden Geboy.

Putra Wira Tanu Datar V sanesna aya Natadigja; puputra Raden Muhyi nu ngarundaykeun pangjulu pimpinan cianjur; sareng sukabumi; sapertos Raden Haji Sadikin; Raden Haji Isa; Raden Haji Hoesen. Wira Tanu V wafat dina taun 1776 dipendem di Pasrean Agung; kota Cianjur

RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR VI


(RADEN NOH ALIAS WIRANEGARA)

REGENT 1776-1813

Anjeuna putra cikal ti Wira Tanu Datar V; ngagentos ramana dina taun 1776 lajeng ngagentos janten Adipati Wira Tanu Data VI. Kaayan pamarentahan Diana mangsa haritalancar. Anjeuna nyepeng kalungguhan sarta janten regent pangsepuhna. Kumargi kitu anjeuna diajenan sareng dipikasuh ku regent nu sanesna di Priangan. Upamina Surianegara alias Pangeran Kornel ; regent Sumedang nu engkena ngamumule Raden Abas putra bungsu Wira Tanu Datar VI. Wira Tanu Datar VI gaduh putra 1. Nyi Rdaen Meumeut; 2. Raden Prawiranegara (Aria Cikalong); 3. Raden Moh Tobri; 4. Raden Abas.

Raden Prawiranagara janten kapala di Balubur; anjeuna nganggo gelar demang. Salajengna anjeuna diangkat ngarangkap Cutak Jampang. Aria Cikalong the kakoncara telenges; bengis. Seueur jalmi nu ijid; rupina sifat -sifat ieu nu nu janten halangan anjeuna janten regent ngagentos ramana. Numutkeun Van Lawick anjeuna kantos diolo supados mungah haji; nanging sabada katohyan yen maksadna mah supados; anjeuna disingsalkeun tina kalungguhan regent. Anjeuna mundut liren tina Patih sareng cutak Jampang dina taun 1802; 5 taun ti harita Aria cikalong dijenengkeun cutak di cikalong sareng cibalagung. Putra nu kadua Natanagara anjeuna resep heureuy; banyol; sarta ngabojeg. Waktos rakana mundut liren; anjeuna mundut supados diangkat patih cianjur sareng Cutak Jampang. Ku kanyataan 2 di luhur Residen Macquid nyebatkeun Diana taun 1813 yen rupina kabupatian Cianjur bakal dilajengkeun ku kulawargi sanes. Wira Tanu Datar VI pupus dina taun 1813; harita Raden Abas; putra bungsu; nembe yuswa 4 taun; saparantos dikantun ku rama dicandak ka Sumedang ku Surianagara nu janten bupati sumedang.
RADEN ARIA ADIPATI SURIANATAKUSUMAH

(WIRA TANU DATAR VII)


(RADEN ABAS)

REGENT 1837-1871

(BUPATI LIMBANGAN; SALAJENGNA BUPATI GARUT)

Raden Abas dirorokna ku bupati Sumedang; jenengan Pangeran Kusumah Dinata. Ieu the bales budi Pangeran Kusumah Dinata ka ramana Raden Abas; nalika Pangeran Kusumah Dinata janten cutak di kabupatian Cianjur nu jujulukna Suranagara.

Raden Suranagara saparantos janten Bupati janten Adiapati Kusumah Dinata sohorna Pangeran Kornel; putrana Kusumah Dinata; putu Dalem Adipati Surianagara; alona Raden Ema alias Surialaga II nu kasebat dalem Talun. Anu janten bupati Sumedang harita jenenganana Dalem Adipati Surialaga I ramana Raden Ema; pupus taun 1773; Raden Suranegara sareng Raden Ema the aralit keneh; hak kalungguhan bupati dicepeng ku Wira Tanu Baya; bupati parakan Muncang. Wira Tanu Baya janten bupati sumedang 1773-1775; sanos Rd Suranagara nikah ka putra Wira Tanu Baya nanging anjeuna risi kana kalungguhan bupati Sumedang direbut ku Suranagara; lajeng Rd Suranagara ditundung ti Sumedang; lolosna ka daerah Cianjur; nyingkur di kampung kalapa nunggal. Nanging teu lami kapendak ku Raden Astra padamel kopi Cianjur atuh teras dicandak ka Wira Tanu Datar VI. Ku Wira Tanu Datar VI diangken pisan nanging anjeuna teu calik di Cianjur; ngadon masantren di kampung ciajag anjeuna nikah ka Lenggang Kusumah putra Lenggang Nagara; putra Tumeggung Natanagara; putr Dalem Dicondre.

Teu lami ti harita Raden Ema putra cikal Surialaga I; nu kagungan hak ngagentos bupati Sumedang nyusul ka Cianjur da sami ditundung ku Wira Tanu Baya jalaran risi direbut kalungguhan bupati. Lajeng ku Wira Tanu Datar VI anjeuna ditampi pisan dijantenkeun panakawan; lajeng anjeuna nyantri leket pisan. Ku Wira Tanu Datar VI anjeuna ditikahkeun ka rakana nu benten ibu jenengana Nyi Raden Siti Ampiya..

Adipati Wira Tanu Baya teu lami janten bupatina anjuena pupus taun 1775; lajeng digentos ku Adipati Patrakusumah (1775-1791); saparantos ieu bupati pupus digentos ku Aria Sacapati patih Sumedang harita anjeuna nyeratan ka Adipati Wira Tanu Datar VI; mundut supados Raden Suranegara diusulkeun ku Wira Tanu Datar VI ka pamarentah sangkan janten Bupati Sumedang; lajeng usulna disaluyuan anjeuna nganggo gelar Pangeran Kusumahdianata nu kakoncara Pangeran Kornel (1791-1828). Wangsul deui ka Raden Abas nu dikantun pupus ku ramana anjeuna dikukut ku Pangeran Kornel; Sparantos dewasa anjeuna ditikahkeun ka wargi pangeran jenenganana Nyi Raden Purnama putra Aria Jayanagara putu Adipati Adiwijaya; bupati limbangan. Raden Abas nu tos gentos jenengan janten Wiranagra ngiring ngasord janten Patih Limbangan; ngagentos mertua. Sabada Tumenggung Kusumah Ningrat ngalih ka sumedang.

Ditulis ku Gunawan Yusuf

sumber : UrangSunda.Net
© 2006-2008 Cianjur Online
about us - services - site map
Halaman http://www.cianjur-online.com/members/Sajarah-Cianjur-9-detail-artikel.html Dikunjungi 1 kali pada 20 May 2012 10:44:56