Aduuuhhh.....meni tos lami teu ngalongok ka CO euy....! maklum lah ari jalmi anu ngumbara mah, nyiar keur eusi beuteung meni poho ka lembur, kamari weeeh balik teh basa Lebaran Idul Fitri, saking ku tos lawasna naha da meni linglap ka lembur teh, jauh pisan ti baheula, ngan hiji ketang anu masih jadi Ciri Khas Pakidulan teh, jalana lur anu masih kawas tempat kubangan kebo....saredih da ari ninggal ku kitu mah, sok ka pikir "iraha jalan ka kidul siga jalan di puncak, najan luak-leok ari mulus mah geuning raoseun.....hik...hik...hik...sedih lurr.....". Caritana geus di kidul we....geus sapoe aya di lembur pasti anu jadi ritual munggaran nyaeta ngalongok Pantai Jayanti, lain ku nanaon, sono tos lami teu di teang, brehh we nyaan pisan, beda ti baheula ayeuna mah euy.....anu tadina sepi teh bet rame ayeuna mah, aya perubahanana, samalah mah keur di bangun dermaga jaung
Pusat Penampungan Ikan (PPI) anu tadi na ngan aya 1 ayeuna jadi 3, Sanggeus sapoe jeput nagog di pencelut batu karang muara jayanti, ahirna kuring balik, rek ngareureuhkeun kacape, sabab isukna rek neruskeun lalampahan ka Pantai Pameungpeuk Garut, sakalian nyobaan jalan anyar anu nepungkeun Cianjur selatan-Garut selatan sanajan masih can beres oge. Sapanjang jalan balik kalembur hati kuring meni tenang, bari ninggalian ombang anu sing aluber sapanjang pantai, dina fikiran "untung kamari kaburu cageur samemeh balik ka lembur, coba lamun gering kateterusan terus maot, iraha rek ninggali Jayanti anu sakitu indahna".
Isuk-isuk geus hudang, sabab aya misi rek ngajajal jalan lintas Cidaun-Pameungpeuk, sanggeus mandi, dibaju terus naon deui nya? oooh...sarapan terus manas keun motor HONDA kesayangan (halah...make dipanaskeun sagala, kawas gorengan bae...). Sanggeus sagalana siap cabut coy.....brrrremmmm......Si Honda jalan mawa
indit nuju ka Pameungpeunk.................