batur sadulur rencang sagalang. kiwari basa sunda tos langki dianggo. boro ku batur, ku urang sunda sorangan jigana tos langki basa sunda teh dianggo. padahal, lamun lain ku urang sunda, rek ku saha deui basa sunda teh dianggo. da eta meureun nya, kolot ayeuna mah jiga nu bangga lamun budakna ngomong make basa sunda.
abdi, ngondang ka saderek sadaya. bilih aya nu kersa janten kontributor di blog urangsunda.info . mangga diantos ! naon atuh eta teh ceunah, ah ieu mah urang hehereyan we, etang-etang ngadablong.
pami aya nu kersa saratna mung hiji, kedah ngangge basa sunda dina waktos ngepost tulisan / kontribusi na. eta hungkul. meh basa sunda teh teu parem.
bilih ieu mah, ku abdi diantos emailna di putradi[at]gmail[dot]com